Jejer Buku : Kembang Rumah Tangga
Panulis :
Tjaraka
Pamedal :
PT. Girimukti Pusaka
Citakan :
ka-1, Jakarta 1996
Kandel Buku : 88 kaca
Basajan pisan carita Kembang RumahTangga kenging Tjaraka, anu di caritakeun dina novel ieu nyaeta jalmi-jalmi basajan sapertos
tokoh Sujana anu beunghar
nyaeta salah sawios direktur
di hiji perusahaan, tiasa
kacupomponan dina sagala kahayangna.
Tjaraka mah katingal onjoyna dina sadaya karangana,
dina kabasajanana wangunan carita teh kukuh pengkuh susunanana, salilana silih
pageuhan sangkan teu awut-awutan. Gambaran anu katingalina ngan sliwat-saliwat
dina netelakeun tokohna upamana tiasa masihan gambaran ngeunaan pribadina.
Cara anu sering kapendak
dina carita-carita Tjaraka nu lianna, didieu oge Tjaraka henteu seueur ngagunakeun cara langsung pikeun
ngagambarkeun tokohna. Tokoh nu lian, nyaeta dina obrolan bang Amat, Bang Mian,
jeung Astra. Waktu dina bab ka tilu, Sujana muncul teh, nu maca parantos aya gambaran
ngeunaan dirina.
Panulis dina nyaritakeunana nganggo basa loma sangkan
babari kaharti ku anu maca. Gambaran ngeunaan
kahirupan Bang Amat (tukang cikopi anu mangkal di pakarangan batur, nyewa ka Arab), kitu deui
ngeunaan Bang Mian (tukang loak anu dina naasna dituduh jadi tukang tadah
nepika kudu asup ka bui, sanajan ngan saliwat-saliwat karasa hirup tur
ngayakinkeun. Henteu sapertos direka-reka.
Estuning karasa sajalantrahna
Sanajan
henteu aya katerangan anu tetela, nanging pikeun jalmi nu kantos ngalaman kahirupan
di Jakarta dina taun 1950-an, naon anu digambarkeun ku Tjaraka teh asa
bruh-breh,
eta mah mung di angge minangka
kasang-tukang caritana anu patali sareng hirup jalma dina enggoning rarabi
atanapi ngawangun
rumah-tangga. Sujana nyaeta, jalmi anom anu kawilang beunghar, kawitna bangbaungeun alimeun deui kagungan geureuha, sabada geureuha maot dina kacilakaan
mobil henteu sabaraha lami
sabada pangantenan. Dugi ka aya anggapan yen henteu parelu gaduh geureuha,
da saur anjeuna sagala rupa oge tiasa kapeser asal aya artosna. Tur anjeuna teh jalmi anu beunghar.
Mung sabada anjeuna dikawulaan ku
Kartika, alona bang Mian anu carogena
ditangkep ku lantaran ngagarong, Sujana janten hoyong ngangken Kartika janten nyonya rumah. Mung Kartika anu ngimpen
ku carogena anu baris tereh
kaluar ti bui, milih kakaburan manan narima panglamar Sujana, da saur sangkaannana tangtos engke upami salakina tos kaluar pasti milarian anjeuna, tur lamun terangeun
yen aya di Sujana tanwande ngarogahala Sujana deuih. Bang Mian anu katempuhan
ku lantaran henteu tiasa
milarian Kartika dugi ka kapendak, nawarkeun Kartini
ka Kartika, minangka gaganti. Tur Kartini teh meh sarimbag jeung jeung Kartika,
kitu deui dina tingkah polahna. Cindekna Sujana nikah jeung Kartini, sarta tuluy patepung jeung Kartika anu
kabur ka Yogya, anu ditawisan
ku emangna Sujana (nu bade
nikah sareng Kartika).
Palebah
tungtung carita, anu nepungkeun Sujana jeung Kartika, bari aya deuih yen Henki teh maot ku lantaran basa
kaluar ti bui mestol pulisi, memang karasa dijieun – jieun pisan. Nu tos janten kabiasaan upami
carita kudu aya “tungtungna,” nyababkeun Tjaraka ngarasa perelu nambahkeun eta
bagian. Padahal ku nikahna Kartini jeung Sujana, carita teh saena tos tamat, da Sujana
anu disangkaan anti ka istri
teh, singhoreng jalmi
normal ari geus nepi ka jodona mah kersaeun kagungan geureuha. Luyu sareng judulna, geureuha teh janten kembangna rumah tangga
di imah Sujana anu kawitna
mung dicalikan ku pameget wungkul (bujangna
dua sareng supirna hiji pameget sadaya).
Carita
anu saliwat mah sapertos ngajojoan
anu penting hungkul, kedahna palebah anu parelu
mah, tapis ngagambarkeun bubuk-alitna.
Upamana dina bagean anu ngagambarkeun
seja nyakseni mekarna kembang
wijayakusumah tengah wengi,
apan anu dicaritakeun teh sanes
mung pak-pik-pek na nu ngatur susuguh bae, mung sareng kunyam-kunyemna
mang Karso anu perya yen kembang wijayakusumah mekar mah sanes samanea.
Dina waktos bang Mian ngadongengkeun pangalamanna
milarian Kartika kasababaraha
kota, didongengkeun
tataya ka Kiai sareng jalma-jalma
anu dianggap tiasa matangankeun.
Eta teh sacara henteu
langsung masihan gambaran
kasang-tukang kapercayaan bangsa urang anu janten jejer carita. Cindekna Tjaraka tapis palebah
mere warna kana caritana nu sakaligus mengkuhan susunan caritana. Mung dina buku ieu aya hiji kakirangan antawisna dina
kecap-kecapna aya anu lepat.
Kulantaran
kitu disagigireun karya-karya nu sejen, ieu carita kenging Tjaraka teh sae pisan,
seueur atikan-atikan anu kanggo nonoman
atanapi anu parantos rumah-tangga supados tiasa ngajalankeun rumah-tanggana
kalawan lancar.
0 comments:
Post a Comment