Sabtu, 12 November 2011

Resensi Novel Sunda Hiji Carita Nu Basajan


Jejer Buku               : Kembang Rumah Tangga
Panulis                      : Tjaraka
Pamedal                    : PT. Girimukti Pusaka
Citakan                     : ka-1, Jakarta 1996
Kandel Buku           : 88 kaca

            Basajan pisan carita Kembang Rumah Tangga kenging Tjaraka, anu di caritakeun dina novel ieu nyaeta jalmi-jalmi basajan sapertos tokoh Sujana anu beunghar nyaeta salah sawios direktur di hiji perusahaan, tiasa kacupomponan dina sagala kahayangna.
Tjaraka  mah katingal onjoyna dina sadaya karangana, dina kabasajanana wangunan carita teh kukuh pengkuh susunanana, salilana silih pageuhan sangkan teu awut-awutan. Gambaran anu katingalina ngan sliwat-saliwat dina netelakeun tokohna upamana tiasa masihan gambaran ngeunaan pribadina. Cara anu sering kapendak dina carita-carita Tjaraka nu lianna, didieu oge Tjaraka  henteu seueur ngagunakeun cara langsung pikeun ngagambarkeun tokohna. Tokoh nu lian, nyaeta dina obrolan bang Amat, Bang Mian, jeung Astra. Waktu dina bab ka tilu, Sujana muncul teh, nu maca parantos aya gambaran ngeunaan dirina.
Panulis dina nyaritakeunana nganggo basa loma sangkan babari kaharti ku anu maca. Gambaran ngeunaan kahirupan Bang Amat (tukang cikopi anu mangkal di  pakarangan batur, nyewa ka Arab), kitu deui ngeunaan Bang Mian (tukang loak anu dina naasna dituduh jadi tukang tadah nepika kudu asup ka bui, sanajan ngan saliwat-saliwat karasa hirup tur ngayakinkeun. Henteu sapertos direka-reka. Estuning karasa sajalantrahna




Sanajan henteu aya katerangan anu tetela, nanging pikeun jalmi nu kantos ngalaman kahirupan di Jakarta dina taun 1950-an, naon anu digambarkeun ku Tjaraka teh asa bruh-breh, eta mah mung di angge minangka kasang-tukang caritana anu patali sareng hirup jalma dina enggoning rarabi atanapi ngawangun rumah-tangga.  Sujana nyaeta, jalmi anom anu kawilang beunghar, kawitna bangbaungeun alimeun deui kagungan geureuha, sabada geureuha maot dina kacilakaan mobil henteu sabaraha lami sabada pangantenan. Dugi ka aya anggapan yen henteu parelu gaduh geureuha, da saur anjeuna sagala rupa oge tiasa kapeser asal aya artosna. Tur anjeuna teh jalmi anu beunghar. Mung sabada anjeuna dikawulaan ku Kartika, alona bang Mian anu carogena ditangkep ku lantaran ngagarong, Sujana janten hoyong ngangken Kartika janten nyonya rumah. Mung Kartika anu ngimpen ku carogena anu baris tereh kaluar ti bui, milih kakaburan manan narima panglamar Sujana, da saur sangkaannana tangtos engke upami salakina tos kaluar pasti milarian anjeuna, tur lamun terangeun yen aya di Sujana tanwande ngarogahala Sujana deuih. Bang Mian anu katempuhan ku lantaran henteu tiasa milarian Kartika dugi ka kapendak, nawarkeun Kartini ka Kartika, minangka gaganti. Tur Kartini teh meh sarimbag jeung jeung Kartika, kitu deui dina tingkah polahna. Cindekna Sujana nikah jeung Kartini, sarta tuluy patepung jeung Kartika anu kabur ka Yogya, anu ditawisan ku emangna Sujana (nu bade nikah sareng Kartika).
Palebah tungtung carita, anu nepungkeun Sujana jeung Kartika, bari aya  deuih yen Henki teh maot ku lantaran basa kaluar ti bui mestol pulisi, memang karasa dijieun – jieun pisan. Nu tos janten kabiasaan upami carita kudu aya “tungtungna,” nyababkeun Tjaraka ngarasa perelu nambahkeun eta bagian. Padahal ku nikahna Kartini jeung Sujana, carita teh saena tos tamat, da Sujana anu disangkaan anti ka istri teh, singhoreng jalmi normal ari geus nepi ka jodona mah kersaeun kagungan geureuha. Luyu sareng judulna, geureuha teh janten kembangna rumah tangga di imah Sujana anu kawitna mung dicalikan ku pameget wungkul (bujangna dua sareng supirna hiji pameget sadaya).
Carita anu saliwat mah sapertos ngajojoan anu penting hungkul, kedahna palebah anu parelu mah, tapis ngagambarkeun bubuk-alitna. Upamana dina bagean anu ngagambarkeun seja nyakseni mekarna kembang wijayakusumah tengah wengi, apan anu dicaritakeun teh sanes mung pak-pik-pek na nu ngatur susuguh bae, mung sareng kunyam-kunyemna mang Karso anu perya yen kembang wijayakusumah mekar mah sanes samanea.


 Dina waktos bang Mian ngadongengkeun pangalamanna milarian Kartika kasababaraha kota, didongengkeun tataya ka Kiai sareng jalma-jalma anu dianggap tiasa matangankeun. Eta teh sacara henteu langsung masihan gambaran kasang-tukang kapercayaan bangsa urang anu janten jejer carita. Cindekna Tjaraka tapis palebah mere warna kana caritana nu sakaligus mengkuhan susunan caritana. Mung dina buku ieu aya hiji kakirangan antawisna dina kecap-kecapna aya anu lepat.
Kulantaran kitu disagigireun karya-karya nu sejen, ieu carita kenging Tjaraka teh sae pisan, seueur atikan-atikan anu kanggo nonoman atanapi anu parantos rumah-tangga supados tiasa ngajalankeun rumah-tanggana kalawan lancar.




Ku : Siti Nur Azizah

Reaksi:

1 komentar:

  1. makasih yah ini sangat membantu saya,, sekali lagi terima kasih.
    ikuti juga yah blog sayah arlingga03.blogspot.com
    hehe (promosi)

    BalasHapus