Sunday, November 13, 2011


NASKAH DRAMA SUNDA

Jejer                : Ngepet Maksudna mah
Panokohan      :
1.      Ceu Enah diperankeun ku Yoke
2.      Bi Icih (Tukang dagang) diperankeun ku Hidayatun Nova
3.      Ceu Eti diperankeun ku Ria W.
4.      Ceu Rasih (pamajikan Kurdi ka-1)diperankeun ku Gita A.
5.      Ceu Enok (pamajikan Kurdi ka-2)diperankeun ku Siti Nur Azizah
6.      Endah (pamajikan Kurdi ka-3)diperankeun ku Elis
7.      Kang Kurdi diperankeun ku Elan
8.      Ki Anom diperankeun ku Gery R.
9.      Hansip diperankeun ku Agung M.
10.  Juminten diperankeun ku Nursanti
11.  Ningsih diperankeun ku Siska N.

Sutradara         : Siti Nur Azizah
Panulis Naskah:
1.      Ria Wulansari
2.      Yoke Astriani
3.      Gita Afsari


Hapunten bilih aya kasamian boh tina nami, tempat atanapi basa anu kirang merenah, naskah ieu mung fiktif (sanes carita anu saleresna).





Ngepet maksudna mah
Isuk-Isuk keneh saacan panon poe manceg, di hiji warung dina hiji kampung, kasampak Bi Icih nu keur ngaberesan barang daganganana. Warung anu make bilik jeung di hareupeunana kasampak korsi pendek. Ceu Enah datang ngagidig ka warung Bi Icih.
ADEGAN KAHIJI 
Ceu enah             : “Ceu uyah sabungkus! nu biasalah! ieu rek masak sayur, di imah uyahna euweuh, jadi we kudu ngincik heula ka warung...da si eneng mah mun geus aya kahayang teh mani kudu pok torolong sagala teh..!
Bi Icih                :”Lah Ceu....wajar budak jaman ayeuna mah geus puguh kitu adatna. Sabungkus wae ieu uyah teh?  asin na moal? anyar meuli ti pasar yeuh! seger keneh.
Ceu enah           : ”Asin mah aya da di imah ge,nya sabungkus we! ulah loba-loba teuing da uyah mah saeutik ge asin.
Bi Icih                    : ”Bet bisi we jang sabulaneun Ceu (Uyahna dibikeun), uyah nu kieu teh ayeuna mah geus jarang nu ngajual, ieu ge aya soteh ti Mang Oteng, itu nu imahna gigireun kantor camat geuning?
Ceu enah             : (merekeun duit lima ratus) Oh enya bener, nyanggakeun atuh nya Ceu!”
Bi Icih                    : ”Nya ditampi. Hatur nuhun.
Ceu Enah rek balik ka imahna Tuluy datang Ceu Eti...

Ceu Eti                  : ”Aeh.....Ceu Enah, rek kamana atuh?  keheula anan....yeuh yeuh kadieu heula geura, aya picaritaeun..
Ceu Enah             : ”Ke ke aya naon kitu Ceu?
Ceu Eti                  : ”Yeuh geus apal can kulawarga na si Kurdi teh ayeuna mah jadi malarat. Geus teu boga nanaon, harta banda dijarualan, tah kitu meureun da ari jalma nu sarakah mah, boga pamajikan teu cukup ku hiji, tungtungna mah pamajikanana pada teu kaparaban, kalah miskin nu aya mah. Balukarna ari boga loba pamajikan teh na gampang ?hahahahahah
Ceu Enah             : ”Lah maenya? apan anjeuna teh boga pausahaan sadua-dua ?naha pangna bisa kitu?
Ceu Eti                  : ”Lain kitu....enya na mah enya boga pausahaan sadua-dua...ngan sabot anjeuna korupsi sakabeh pagawe di pausahaanana ge ngilu sangsara, jadi we pada arambek, tungtungna mah dikaluarkeun tina pagaweanana. Tah tah tah..cing dengekeun geura geus ragot deui yeuh..
Sora Nyi Endah:(sora ngahing-hik)Kang...Neng mah tos teu sanggem sareng Akang, tos teu sanggem ku kaayaan kieu...daripada kieu wae mah, Akang tos teu sanggem ngabiayaan hirup Neng...mening entosan wae...
Sora Ceu Enok   : ”Nya geus we kang cereikeun si Endah mah! barina ge ngan nyusahkeun wungkul si Endah mah! balik jig sia teh!
Sora ceu Rasih   : ”Akang, atuh ulah cicing wae geura! Jig Endah sia  ek kaluar ti ieu imah mah, sudi pisan aing mah.!”
Ceu enah             : Taaaaaaaaaaaah..pada nyaho pan ayeuna mah kumaha kaayaan kulawarga eta teh? Balukarna mah pada parasea. Uyuhan pamajikanana pada baretah, mun urang mah moal daek boga salaki siga kitu”.
Bi Icih                    : ”Geus...geus montong kitu! Da eta mah lain urusan urang, bisi matak pidosaeun.
Bi Icih                    : “Eh.. emangna kumaha kitu?
Ceu eti                  : ”Heuh ari silaing mah, ongkoh montong dicaritakeun, na anan pok teh nanya!”
Bi Icih                    : ”Ih da teuing atuh,, sok ateul we biwir teh mun ngomongkeun jelema eta mah”.
Ceu enah             : ”Bi icih mah geus teu aneh ngomongkeun batur mah, da puguh geus katelah ku sakampung ge di warung ieu mah tempatna ngagosip, bari jeung agen gosip na ge saha? Ti Bi Icih keneh lain???”
Ceu Eti                  :” Heueuh, bener pisan eta teh Ceu!!!!”
Bi Icih                    : ”Laaaaahhh maraneh mah angger sok baretah ari geus ngarariung di dieu teh, mani sok harese pan ai di titah baralik teh??”
Ceu eti, Ceu Enah jeung Bi Icih sareuseurian. Teu lila jol we Kang Kurdi kaluar ti imahna .
Bi Icih                    : ”Sssstttt.... gandeng, gandeng, aya tuh jalmana bisi kadengeeun!”
Ceu Eti                  : “Heueh tuh aya jalmana! Geus gandeng!”
Ceu Enah             : “Nya ssst ih bisi kadengeeun!
Kang Kurdi ngaliwatan eta warung, ngareret ku juru panon  bari beungeut jamedad-jamedud teu pararuguh.
Ceu Enah             : “Tuuuhh nya???Ceuk dewek ge ulah sok tararik teuing geura ari ngagarosip teh. Boa-boa kadengeueun ku si Kang Kurdi na, jadi we jamedad - jamedud beungeutna!”
Bi Icih                    : ”Lahh ti iraha Kang Kurdi lamun ngaliwat sok nanya bari beungeut someah?”
Ceu Eti                  : Lah da Kang Kurdi mah emang beungeut na sakitu- kitu na lain?”
Bi icih                     :Geus lah tong sok lila lila teuing ari ngomongkeun batur teh ! Da moal aya tungtungna.”
Ceu Eti                  : “Tuh nya jadi kapopohokeun rek meuli sabun colek  ge, Bi Icih, eta we atuh sabun colekna hiji. (dibawa bari merekeun duit) nuhun nya Ceu!”
Bi icih                     : “Nya sami-sami Ceu...”
Ceu Enah             : “Yu lah Ceu, cuang balik!”
Ceu Eti                  : “Yu atuh, nam!”
Ceu Eti jeung Ceu Enah balik ka imahna.
ADEGAN KADUA di pos kamling

Kang Kurdi keur ngahuleng di pos kamling, teu lila torojol we Ki Anom nepak taktak Kang Kurdi rada tarik ti tukang nepi ka si Kurdi reuwaseun.
Ki anom                : ”Heh keur naon didieu? Mani teu elit pisan mejeng di pos kamling wayah kieu? anggur mah mejeng teh di emol!
Kurdi                     : ”Ka emol ka emol, mall kituh aki! Barina ge rek ka mall kumaha? Duitna ge euweuh! Duit  ti mana?”
Ki anom                : ”Keur boga masalah naon atuh? Sok geura nyarita ka aki!
Kurdi                     : ”Yeuh ki, urang teh kieu, boga masalah. Apal  lain baheula mah sagala kahayang kula teh bisa kacumponan, hayang mobil tinggal ka deler, hayang hape tinggal ka konter, kamamana dikawal ku jeger, hayang bubuahan ge meni saleger dina kulkas. na ari ayeuna? susah hayang sagala oge!
Ki anom                : “Geus tong hese-hese, ke peuting datang we ka imah kuring!
Kang Kurdi          : ”Emangna ek aya naon ki?”
Ki anom                :Lah geus tong loba tatanya, pokona mah ke peuting datang we, mawa duit tilu ratus rebu, masalah beres!!!!”
Ki anom ujug- ujug ngaleungit.
Kang Kurdi          : “Heueuh heug atuh, tapi ki.......(bari gagasah jeung, neneangan si Aki Anom) jih.. na Kamana atuh si Aki teh?
Kang Kurdi balik ka imahna.
ADEGAN KATILU di imahna Kang Kurdi.
Sarengsena Kang Kurdi mandi, Ceu Enok nyamperkeun.
Ceu Enok             : ”Na ek kamana deui Kang geus mandi kitu?”
Kang Kurdi          : ”Rek aya parelu.”
Ceu Enok             : ”Ek aya parelu kamana? Sok tara puguh ari nembalan teh Akang mah?”
Kang Kurdi          : ”Ka babaturan.”
Torojol  Ceu Rasih nyamperkeun.
Ceu Rasih            : ”Babaturan? Saha?“
Ceu Enok             : ”Naon Rasih pipilueun wae?”
Ceu Rasih            : ”Jih,, bet kumaha kuring we atuh da kuring ge pamajikannana keneh.”
Ceu Enok             : ”Lah, lain ku kituna. Da ieu mah kuring keur ngobrol jeung si Akang. Jadi silaing ulah teuing pipiluen geura. Jung indit ka ditu!”
Ceu Rasih            : ”Jih, na saha silaing nitah urang indit? Embung kuring mah, teu hayang!”
Kang Kurdi          : (keheuleun) ”Geus atuh, geus wancina solat isya yeuh. Hayyyuh we parasea. Urang teh keur parusing!
Ceu Enok             : Nya hampura atuh Akang, kami mah mung naros wungkul ka Akang, tah si Rasih nyiar-nyiar wae piambekeun, geus puguh kami teh keur ngobrol jeung Akang, cicing geura Rasih..!”
Ceu Rasih            : Gandeng lah.. kuring mah rudet  ngadengekeun silaing ngomong wae! Abong biwir teu diwengku. Silaing mah deuih nyebut ngaran ka kami teh, cik atuh sing rada nyopan kanu jadi kolot teh.. Mening keneh sare di kamer (indit ka kamarna)!”
Ceu Enok             : Bongan saha nu ngamimitian, unggal-unggalan ari silaing mah Rasih teu kaop ari kami keur nanaon jeung si Akang teh sok ngaganggu wae.. Bet  jor wae, jung indit sing jauh!”

Ceu Rasih indit. Tuluy Kang Kurdi ge indit.
Ceu Enok             : ”Ek kamana akang?”
Kang Kurdi          : ”Rek dibaju, tiris yeuh ti tatadi disasamping anduk ngadengekeun maraneh pasea!”
Kang Kurdi indit ka kamarna.
Ceu Enok             : Ih...ari si akang pikasebeuleun pisannya!”
Ceu Enok ge tuluy indit ka kamarna. Saenggeus Kang Kurdi dibaju, kaluar ti kamerna tuluy Nyi Endah nyampeurkeun.
Nyi endah           : Kang, hayu atuh cuang tuang heula! Aya semur jengkol jeung goreng asin karesep akang.
Kang Kurdi          : Wah, kalagian Eneng?”
Nyi Endah            : “Kalagian kumaha? Atuh wajar we Akang eneng nyadiakeun tuangeun jang akang mah, pan Eneng teh pamajikan Akang?”
Kang Kurdi          : “Nam atuh hayu, kabeneran Akang teh keur lapar yeuh!”
Nyi Endah            : Hayu Kang!


Kang Kurdi jeung Nyi Endah diuk dina korsi di meja makan.
Kang Kurdi          :Keheula.. ari si Enok jeung Si Rasih kamarana? Geroan atuh, cuang dahar bareng kituh!
Nyi Endah            : Lah... Akang, geus tong teuing di geroan Kang, ari lapareun mah maranehanana ge sok nyalampeurkeun ieuh!“
Kang Kurdi          : “Nya atuh, kumaha Eneng we!”
Kang  Kurdi jongjon dahar bari ngadukduk loba pikiran.
Nyi Endah            : (ngadeukeutan kang kurdi bari ngusapan taktakna).Kang...! Akang! Ka...ng!
Kang Kurdi          : Naon.....???”
Nyi Endah            : Apal teu kang ?
Kang kurdi           : Teu, teu apal.”
Nyi Endah            :”Ih….Akang mah…!!”
Kang Kurdi          :”Naon atuh geulis?”
Nyi Endah            : “Neng hoyong meser emas Kang! Yeuh tingali, Neng mani teu ngangge emas hiji-hiji  acan. Tuh ai si Ceu Rasih jeung Ceu Enok mah mani gaya mamake emas. Ari Neng mah henteu.!”
Kang Kurdi          : Ah.. si Eneng, ari aya pamenta mah, pantes bageur ka Akang.”
Nyi Endah sura seuri gumeulis.
Kang Kurdi          : “ Pan kamari anyar keneh geus meuli lain?”
Nyi Endah            : (rada judes saeutik) “Pan kurang, Akang!”
Kang Kurdi          : “Yeuh, keheula. Pan apal lain akang teh ayena mah geus teu boga duit?”
Nyi Endah            : ”Ah..piraku teu boga jang meuli emas-emas acan? Sok atuh Kang! Paling oge sapuluh juta meureun Kang!”
Kang kurdi           : ”Euweuh Eneng! Geus geura. Ke, sabar heula!”
Ceu Rasih jeung Ceu enok nyampeurkeun.
Ceu Rasih            : ”Akang, montong dibere! Pokona mun Akang rek mere ka si Endah, Akang oge kudu mere ka urang duaan.”
Ceu enok             : Enya bener Akang! Akang teh kudu bisa adil ka kabeh pamajikan Akang teh! Geus geura maneh teh Endah! Loba pisan kahayang, nyiar-nyiar wae.”
Ceu Rasih            : ”Heueuh, montong kena-kena silaing teh pamajikan pangngorana, jadi loba kahayang. Ogoan pisan atuh!”
Nyi Endah            : ”Keun bae kuring mah ogoan ge da ngora keneh ieuh. Palebah maraneh duaan, geus kolot mah caricing we tong loba pamenta!”
Ceu Rasih            : ”Eh, na ai maneh balaga pisan atuh Endah! Siga nu teu disakolakeun pisan ngomong ka nu saluhureun teh!”
Ceu Enok             : ”Heueuh nya, silaing mah cicing we geura, nyaho apan ayeuna si Akang teh keur pusing.”
Nyi Endah            : ”Tuda maraneh na sok neangan wae pipaseaeun. Wajar we mun kuring rada keuheul mah!”
Kang Kurdi          : (hanjat tina tempat diukna bari ngagebrag meja) ”Geus gandeng! Maraneh teh teh teu nyaho kaayaan urang ayena? Apal lain ayena mah jang dahar ogenan hararese? Cing atuh ulah nambahan kapusing aing. Rieut aing mah lah!” (leumpang kaluar bari ngajebredkeun panto)
Ceu Rasih            : Akang rek ka mana?
Kang Kurdi teu ngajawab.
Ceu Enok             : “Tuh…gara-gara maneh da Endah, jadi we si Akang indit deui ti imah. Mantakna geura ulah sok loba kahayang Endah silaing teh!”
Ceu Rasih            : ”Heueuh da, Si Endah mah ngaririweuh wae batur! Geus, yu lah indit, Enok!”
Ceu Enok             : ”Heueuh yu lah! Teu rame jeung si Endah mah!”
Ceu Rasih jeung Ceu Enok indit ka kamerna.
Nyi Endah            : ”Jor wae arindit! Jung! Kadaritu!”
ADEGAN KAOPAT di imah Ki Anom.
Kang Kurdi nepi di imahna Ki Anom, barang datang kasampak ki Anom keur ngaguher sare di papangge imahna.
Kang Kurdi          : (ngagebrag Ki Anom) “Ki ..!!”
Ki Anom               : (ngagurinjal) ”Astaganaganaga...ari maneh sok ngareureuwas wae! Na aya naeun atuh?”
Kang Kurdi          : ”Euh...si Aki mah...pan cenah embung disebut pikun mah, tapi karek ge tadi beurang urang geus janjian ek papanggih di dieu, geus poho deui wae! Kumaha sih ah!”
Ki Anom               : ”Oh heueuh bener, urang poho! Hayu atuh asup!”
Kang Kurdi jeung Ki Anom asup ka imahna Ki Anom.
Ki Anom               : ”Sok, diuk heula. Kuring rek siap-siap heula.”
Kang Kurdi          : ”Nya!”
Ki Anom mereskeun parabot jang ngepet.
Kang Kurdi          : ”Burukeun atuh Ki! Kuring geus siap kacida yeuh!”
Ki Anom               : ”Heueuh, mangke! Sabar  atuh choy!”
Kang Kurdi          : “Heueuh atuh sok!”
Ki Anom beres nyiapkeun parabotna bari riweuh teu puguh, Ki Anom diuk di hareupeun lilin tuluy nyeungeut menyan, bari biwir was wes wos maca mantra.
Ki anom                : ”Kela, mana heula duitna ieu teh?
Kang Kurdi          : ”Euleuh…inget wae lah kana ngaran duit mah..!!”
Ki Anom               : ”Nya heueuh atuh. Kudu! Hahaha.”
Kang Kurdi          : (merekeun duitna) “Yeuh!”
Ki Anom               : ”Beu. Ditampi pisannya cicisna. Mugi malik rezeki. Amin. Sok maneh Kurdi, amih maneh teu kaciri ku jelema, ayena maneh jubah ieu, tuluy datangan imah gedong, tapi samemeh maneh rek mawa harta bandana maneh kudu maca mantra anu ku kuring ditulis na keretas ieu, tapi tong poho ulah ngaleuwihan ti dur subuh, da bisi mencrang manten panon poe na. Era atuh engke ku batur? Jig ayeuna maneh indit, kula di dieu ngajaga lilin, heueuh!”
Kang Kurdi make jubahna.
Ki Anom               : ”Leumpangna kudu siga babi! Jung, ku urang didungakeun  ti dieu make fatihah.”
Kang Kurdi          : “Tengkyu, Ki!”
Kang Kurdi  kaluar ti imah ki anom bari leumpang siga babi.
Ki Anom               : “Alhamdulillah, boga duit oge jang mayar hutang. Hehehe. Aduh, hampuranya Kurdi, kuring ngabobodo! Hehehe”
ADEGAN KALIMA di Imah Juminten..
Kang Kurdi datang ka imah gedong anu dihareupna nyampak aya hansip anu keur diuk na korsi nari nundutan. Tapi Kang Kurdi langsung bae asup susurumputan ka pakarangan eta imah, tuluy tu’ang-toong kana jandela imah.
Kang Kurdi             : (nangtung bari hemang nempo jalma di jero imah pada can sarare) Ke..ke..ke.. jih bet naha atuh can sarare wayah kieu nya euy! Ah, atuh aing kudu nungguan heula ieu mah meureun.


Di jero imah…  
Juminten                : Ningsih,, (bari nembongkeun leungeunna  nu pinuh ku emas) yeuh deuleung leungen urang mani pinuh ku emas, geus teu kaitung we ku leungeun maneh mah. Ladang naon cing ieu teh ningsih?
Ningsih                    : Teu nyaho atuh??
Juminten                : Tuh nya maneh mah sok api-api poho ai kana kabungahan batur teh, pan bareto teh maneh ge ngiluan kuis who wants to be milioner tea lain? Ngan maneh mah eleh ari kuring mah meunang, jadi we basa balik teh maneh mah kalah mayungan urang basa keur hujan, ari urang mah kalah ripuh mawa duit sakarung. Inget teu maneh Ningsih?
Ningsih                    :  Oh heueuh  ingeut, kuring ge hayang euy ngiluan deui. Iraha nya aya kuis siga kitu deui?
Juminten                : Nyaho atuh.. da who wants to be a milioner nage geus bangkrut ayeuna mah da baheula duit na di ka kuring keun kabeh.
Ningsih                    :Lah ngacaprak naeun  atuh. Maenya bangkrut? Geus ayeuna mah caritakeun ka kuring baheula soalna kumaha wae dina kuis eta teh? Ku kuring rek diapalkeun deui. Sugan we kuring engke mah nu meunangna. Jadi bisa beunghar siga maneh!
Juminten                : “Hahaha…ke..ke..ke.. ek di inget – inget heula, da kuring teh poho deui euy!”.
Kang Kurdi kuliat tina sare na.
Kang Kurdi             : Aduhhhh ning nyeri euy cangkeng urang, lila teuing nangkuban kitu? cik geura ek nangtung heula sakeudeung.(awakna disada pak terektek)
Juminten jeung Ningsih tarunduheun.
Juminten                : Geus lah isukan deui we, geus sepaneng yeuh! Tunduh euy!
Ningsih                    : Ah maneh mah sok tara waras!! geus atuh nam cuang sare we.
Juminten jeung Ningsih tuluy indit ka kamer.
Kang Kurdi             : Ih geuning geus jarempling, ah geus sarare yeuh sigana mah. (noong tina jandela). Tuh da bener geus sarare, geus atuh urang rek asup. Saya siap beraksi! Hahaha”
Tuluy si Kang Kurdi ka hareupeun panto imah.
Kang Kurdi             : (geus ek muka panto) “Ke heula, naha urang make asup jalan panto  siga tamu terhormat wae, pan urang teh kadieu teh rek malingnya? geus atuh ah ek asup jalan jandela we, da biasana ge maling mah asup jalan jandela.

Kang Kurdi asup ka imah eta jalan jandela. Geus nepi di jero manehna kalah hulang huleung heula. Tuluy Kang Kurdi asup ka kamerna Juminten anu keur sare. Kang Kurdi geumper sieun kanyahoan.
Kang Kurdi             : ”Aduuh…hampir saja ambo lupa, baca mantra na heula ah..!”
                                   “Allohumma maling zana maling zini, wahda hape wahda tipi, wa Alhamdulillah waliat kanan waliat kiri ta’da safa safa, wa suddahlah mbat aza. Amien.”
                                   Ahahaha….siap lah.!”
Kang Kurdi             : ”Duitna di beh mana nya? oh… biasa na mah sok diampihkeun na handapeun baju na lomari na jiga na mah. da basa baheula urang keur beunghar keneh ge kitu. Hehehe.”
Kang Kurdi muka lomari, tuluy neangan duit bari rada riweuh. Tuluy kapanggih we eta duit teh.
Kang Kurdi          : ”Asoy…kapanggih euy! Hahaha… (mawa duit) bawa kabeh lah, ameh urang beunghar deui. Hahahaha”
Kang kurdi           : ”Tapi asa kagok euy duit wungkul mah. maling naon deui nya? Tivi, hp, kulkas, atawa naon nya?”
Kang Kurdi          : (Kang Kurdi nempo hp ngagoler na meja di deket kasur.)”Ah, nu aya we ah. Hehehe!”
Tuluy hp eta dibawa ku manehna, tuluy indit kaluar kamer. Kang Kurdi ka deukeut Tivi.
Kang kurdi             : ”Lah,…tivi we heula ah nu aya. Tapi ieu tivi mani gede kacida nya euy! Tapi alus da, lumayan. Geus lah ku kuring rek dipanggul. Tapi… asa rek beurat euy, da gede. Geus ah sakiyeu we heula. Isuk deui we ah!”
Kang Kurdi indit ka deukeut  jandela. Di pakarangan imah, hansip keur kukurilingan.
Hansip                     : ”Nasib…memang nasib…dapat kerjaan jadi tukang jaga rumah…nasib..nasib nasib memang nasib. Biar begini Alhamdulillah gue bersyukur..hahaha.. aduh aduh..si neng Ningsih geus sare acan nya? Aku rindu kepadanya eum. Hehehe…”
Wanci kang Kurdi muka jandela ek kaluar, hp nu dibawana disada. Tuluy najenghok. Hansip ngadenge sorana ti deukeut panto.
Hansip                     : ”Sora naon eta euy?”
Kang kurdi             : ”Euleuh, kumaha ieu? Urang kudu kabur euy! (kaluar ti jandela, tuluy lumpat indit ti eta imah)”
Hansip ka deukeut jandela eta. Tuluy nempo aya nu lumpat make jubah hideung siga bagong.
Hansip                     : ”Wah…maling ieu mah euy!”
Hansip ngudag eta maling bari gogorowokan.
Hansip                     : ”Maling…maling…!”
Ti jero imah Juminten jeung Ningsih ngagurinjal tuluy lumpat kaluar imah. Kang Kurdi lumpat ngaliwatan pos kamling bari diudag-udag ku Hansip.
Hansip                     : ”Maling..maling…!!”
Warga nu di darinya harudang. Tuluy pada kaluar ti imahna. Tuluy marilu ngudag Kang Kurdi nepi ka aya salapan urang mah nu ngudagna. Bari ngudag, Nyi Endah anu make selop mawa sandal selopna tuluy dibabetkeun ka Kang Kurdi nepi ka Kang Kurdi nyerieun nepi ka ngalaunan lumpatna.  Tuluy Ceu Rasih mabetkeun cangkang cau anu keur dicekeul  ku manehna nepi ka hareupeun Kang Kurdi nepi ka Kang Kurdi tisoledat. Nu ngudag beuki tarik tuluy ngepung Kang Kurdi. Tuluy nareunggeulan Kang Kurdi nepi ka laleuleuseun.
Hansip                  : ”Hayoh…beunang sia!”
Ceu Rasih            : ”Tuh… urang penyelamatna eta the Endah, kaciri teu? Hahaha”
Ceu Icih                                : ”Cik geura mang hansip, buka jubahna tah meh kanyahoan saha eta the!”
Ceu Enok             : ”Heueuh bener, sok buka!”
Hansip                  : ”Nya, cicing tempo!” (muka jubah Kang Kurdi) “jreng jreng jreng!!”
Pas eta jubah dibuka, kabeh pada ngajenghok nempo Kang Kurdi nu dijubah eta.
Hansip                  : ”Kurdi?”
Ceu Rasih, Ceu Enok, jeung Ceu Endah :”akang???”
Bi Icih                    : ”Euleuh euleuh ai si Kurdi, na kalah maling?”
Ceu Eti                  : ”Heueuh. Tah deuleung salaki maraneh! Na kumaha pamikirannana nepi ka maling kitu?”
Ceu Enah             : ”Ih…kandeul kulit beungeut pisan tah kalah maling ka imah Neng Juminten!”
Bi Icih                    : ”Heueuh nya ih!”
Juminten             : ”Geus, tong garandeng euceu! Cuang Tanya we heula geura. Kurdi, na pedah naon atuh silaing maling ka imah urang?”
Kang Kurdi teu ngawajab kusabab nyeurieun keneh.
Ceu Eti                  : ”Tah, Rasih, Enok, Endah… maraneh mah boga salaki the ngadon maling atuh cenah? Na geus teu bisaeun digawe nu bener?”
Bi Icih                    : ”Heueuh nya ih, ngerakeun pisan ih!”
Ceu Rasih            :”Kuring mah teu nyaho-nyaho acan urusan ieu mah! Tah si Enok meureun!”
Ceu Enok             :”Jih, naha ka kuring? Kuring mah teu nyaho! Kuring teu sangka si Akang teh bet naha jadi kieu? Rarasaan kuring mah bener ngurus salaki. Si Endah meureun tah, kamari manehna menta dipangmeulikeun emas! Tah Endah tanggel waler...
Nyi Endah            :”Ih, komo kuring, teu apal-apal acan kuring mah teu maksa ka si Akang kitu!”
Ningsih                 :”Waah….teu balener pisan ieu mah pamajikan teh.”
Kang Kurdi eraeun, tuluy hudang lumpat ka  jalan jang kabur. Tapi pas ka jalan aya mobil puso nu keur tarik nambrak Kang Kurdi. Nu di darinya ngajenghok kabeh.
Ceu Rasih, Ceu Enok, jeung Nyi Endah : (babarengan ngagorowok)”Akang!!!!”
Tungtung carita Kang Kurdi paeh, alatan kalakuanana anu nyalimpang dina jalan anu bener.
rengse
Reactions:

1 comment:

Hak Cipta Dilindungi. Powered by Blogger.

Translate

Total Pageviews

Popular Posts

Recent Post

Recent Posts Widget

Web Hosting Unlimited, Daftar Sekarang!

Hosting Unlimited Indonesia