Saturday, November 12, 2011

Pangersa bapa pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat,
Pangersa Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat,
Pangersa bapa miwah Ibu rawuh teteh oge kakang Alumni SMA Negeri 2 Ciamis anu ku sim kuring dipihormat,  
Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci rehna Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah manten-Na , dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan  sareng ni’mat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngarium, patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina ieu acara anu ku urang sadaya diantos-antos, nyaeta acara tepang sono Akbar SMA Negeri 2 Ciamis.
Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in-tabi’ina dugi ka urang salaku umatna mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na.
Hadirin sadaya hormateun sim kuring!
Nepangkeun wasta pu Siti Nur Azizah  Alumni angkatan 1993. Sim kuring ngadeg cumarios di payuneun hadirin sadaya wireh kapancenan salaku panata acara dina ieu acara, nyaeta acara tepang sono Akbar SMA Negeri 2 Ciamis ti kawit sakola ieu ngadeg dugi ka wanci ayeuna. Sim kuring neda widi tina kaweningan galih neda jembar setra manah seja nyanggakeun wilujeng sumping ka hadirin sadaya anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara, sewu nuhun laksaketi kabingahan. Sumangga lalinggih dina tempat anu parantos disayogikeun. Mugia sing genah betah.
Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta :
1.       Bubuka
2.       Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun solawat nabi
3.       Kedal pamappag ti pupuhu panata calagara tepang sono Akbar
4.       Nembangkeun Nasyid
5.       Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu sakola
6.       Biantara pangbagea ti pupuhu OSIS SMA N 2 CMS
7.       Biantara pangbagea ti wawakil Alumni
8.       Bewara forum alumni
9.       Do’a
10.   Panutup
Hadirin bapa miwah ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring dipihormat!
Supados teu nyangkolong kana waktos , sumangga ieu acara urang buka ku maos basmallah sasarengan, bismillahirrahmanirrahim..
Mugia ku ngalangkungan aosan basmallah ieu kagiatan kenging barokah sareng rido Allah SWT.
Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka saderek ..... kanggo maoskeun ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun mingpin solawat nabi. Sumangga dihaturanan!
Hatur nuhun ka saderek ...... anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an  sareng mingpin solawat nabi, Tos lami acara tepang sono ieu di antos-antos, urang sadaya paturay tineung saparantos sakola tilu taun lamina nungtut elmu di SMA 2. Emut ka sakola, emut ka rerencangan saparakanca, emut ka bapa sinareng Ibu guru. Tangtos moal hilap.
Acara Salajengna nyaeta biantara pangbagea ti bapa pupuhu sakola. Sumangga kersana Bapa H. Endang Rachmat A. M.Pd. dihaturanan
......
Hatur nuhun ka Bapa H Endng Rahmat anu parantos ngadugikeun biantara pangbageana. Pamugi rupi-rupi piwejang sareng pepeling anu nembe didugikeun ku anjeuna, sing janten ranggeuyan mutiara, pibekeleun urang sadaya enggoning ngawangun kahirupan anu dipikahoyong.
Salajengna sumangga urang ngabandungan deui biantara pangbagea anu bade didugikeun ku pupuhu osis. Sumangga saderek Yogi K.P dihaturanan.
.........
Hatur sewu nuhun ka pupuhu Osis SMA n DUA Ciamis anu parantos ngadugikeu biantara kalayan singget mung teges maksadna.
Acara salajengna nyaeta biantaa pangbagea ti wawakil Alumni. Sumangga kersana bapak Sudrajat, dihaturanan.
Hatur sewu nuhun ka Bapak Sudrajat anu parantos ngadugikeun sababaraha kecap anu janten wawakil eusi tina manah alumni.
Hadirin sadaya hormateun sim kuring!
Saparantos ngabandungan biantara pangbagea, urang kupingkeun hariring nasyid anu bade dipintonkkeun ku group nasyid SMA Negeri 2 Ciamis anu janten kareureueusan di sakola SMA Negeri 2 Ciamis. Sumangga dihaturanan!
........

Hatur nuhun ka group nasyid SMA Negeri 2 Ciamis anu parantos maparin hariring nasyid anu kacida halimpuna. Alhamdulillah Group Nasyid ieu teh tos janten pinunjul dina lomba Nasyid sapriangan Timur. Mugia group Nasyid SMA Negeri 2 Ciamis langkung mekar, nyandak nami SMA Negeri 2 Ciamis langkung seungit. Amin ya Allah ya Rabbal ‘alamin.
Hadirin sadaya, sateuacan nincak kana acara inti, urang susun heula panitia forum Alumni dilajengkeun bewara hasil panyusunan. Sumangga pupuhu forum Alumni, Bapa sudrajat dihaturanan!
.....
Alhamdulillahirabbil A’lamin panitia forum Alumni parantos diwangun, ku kituna tiasa langkung gampil upami ngayakeun deui acara reuni.
Hadirin sadaya, cunduk waktosna kana acara anu diantos-antos ku sadayana nyaeta sawala antawis alumni pikeun kenging hiji kamufakatan anu bade dipingppin ku moderator. Sumangga kersana ibu Ramni dihaturana!
.......
Hatur nuhun ka Ibu Ramni anu paratos mingpin sawala, alhamdulillah urang sadaya parantos kenging hiji kamufakatan.
Bapa miwah ibu, kalih hadirin alumni sadaya anu sami rawuh!
Alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Minangka acara pamungkas nyaeta ramah tamah. Nanging sateuacana urang pungkas heula ieu acara ku du’a. Sumangga bapa Ustad Mahmud Ramli dihaturanan kanggo mingpin du’a
............
Hatur nuhun ka kersana bapa Ustad Mahmud Ramli anu parantos mingpin du’a, mugia du’a urang sadaya di kobul ku AllaH swt. Amin.
Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil ‘alamin.
Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia OSIS anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu, mugia kasaean sareng bantosan pangurus OSIS SMA Negeri 2 Ciamis di wales ku Alloh SWT. Amin. Hapunten bilih aya basa anu lkirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. Billahi taufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr.wb.



22 comments:

  1. hatur nuhun, ngabantos pisan hehe ^^

    ReplyDelete
  2. nuhun nya teh ,ngabantos pisan

    ReplyDelete
  3. hatur nuhun kabantosan pisan.
    makasih buat bacaannya

    ReplyDelete
  4. alhamdulillah...
    hatur nuhun teh siti nur azizah

    ReplyDelete
  5. haturnuhun anu saageung ageungna, sim kuring kabantosan pisan. jazakillah nya teh siti azizah.

    ReplyDelete
  6. ok, perkenalkan nama saya rudianto, apakah anda merasakan visitors di blog anda melesat dengan pesat,itu karena teman2 saya mencari artikel MC bahasa sunda, dan web ini berada ada di top rank search engine google, saya ucapkan terima kasih, akan artikel nan bermanfaat ini, tetap semangat posting ka azizah!

    ReplyDelete
  7. hatur nuhun meni ngabantos pisan

    ReplyDelete
  8. hatur nuhun teh siti, kaanggopisan postingan na..

    ReplyDelete
  9. hatur nuhun pisan teh, post na ngabantos pisan :D

    ReplyDelete
  10. Syukron teteh...post'a sangat membantu..

    ReplyDelete
  11. Haturnuhun teteh...post'a sangat membantu..

    ReplyDelete
  12. Hatur nuhun teteh.. :)

    ReplyDelete
  13. sami-sami sadayana. Mugia aya mangfaatna knggo sadayana.. Aamiin

    ReplyDelete

Hosting Unlimited Indonesia
Hak Cipta Dilindungi. Powered by Blogger.

Translate

Total Pageviews

Popular Posts

Recent Post

Recent Posts Widget

Web Hosting Unlimited, Daftar Sekarang!

Hosting Unlimited Indonesia